24 Agu 2011

Cerita...Gejebur...!!!

Sayembara tatar sunda :

"saha nu wani luncat kana balong nu loba buaya na, hadiahna harta/tahta/wanita" ceuk raja.

Eta jelema nu sakitu lobana jarempling euwueh nu wani nembalan. Teu lila.. GEJEBUR !! Aya nu luncat.
Kabeh jalma lgsng sarurak, "saha eta nu ngajleng ?, wanian euy !, hade pisan !.
Pas jelema eta naek kaluhur, ku raja ditanya "hayang hadiah naon ?  Harta/tahta/wanita ?, kabehanana ditolak bari ambek.

Ku raja ditanya deui "ari geus hayang naon atuh ?",
Manehna ngajawab "aing mah hayang nyaho saha nu bieu nyuntrungkeun aing ka balong, goblog pisan, untung weh aing teu modar dilebok buaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar