27 Okt 2011

Cerita...Nini-nini naek angkot

Aya nini-nini turun tina angkot tuluy mayar bari ngasongkeun duit 500 ka kondektur.
Kondektur : "Nini... Kurang atuh ongkosna"
Nini : "Kurang kumaha Ujang..?"
Kondektur : "Enya kurang nini.. maenya ngan 500..!!"
Nini : "Haar ari Ujang... Tadi aya budak mayar 1.500, terus aya deui budak nu turun ngan mayar 1.000..!!"
Kondektur : "Sumuhun, nini..!! Eta tadi budak nu make calana panjang, budak SMA mayarna 1.500, terus tadi anu make calana pondok, eta budak SD mayarna 1.000, niniii..!!"
Nini : "Wah lamun kitu mah nini teu kudu mayar... Mana kadieukeun deui duit nini..!!!" (Bari ngarebut duit 500 nu tadi dibikeun ka Kondektur..)
Kondektur : " Haaaar..!! Teu mayar kumaha ari si nini...?"
Nini : "Enya teu kudu mayar atuh Ujang... Da nini mah keur teu make calanaaa.... weew...!!!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar