6 Jan 2012

Cerita...Si Nini nawar beca

Aya nini-nini, rek balik ti pasar ka imahna numpak beca.
Si Nini nawar ongkos beca..
Nini: Mang Nini rek balik ka imah, 5.000 nya !
Tk. Beca: Teu kenging Ni, upami 15.000 abdi kersa..
Nini: Nya geus atuh, 7.500 nya.. !
Tk. Beca: Teu tiasa Ni, 15.000 wae..
Nini: Ih si Emang teh.., meni hese pisan. Geus lah, 10.000 nya..!
Tk. Beca: Ih ari Nini.., pan saur abdi ge 15.000.. Kecuali upami Nini kersa ngaboseh nyalira !
Nini (bari keuheul, cle numpak beca): Nya enggeus lah ari keukeuh 15.000 mah.., Pek tah 15.000.., ngan teangan sorangan imah Nini, moal dibejaan siah.. !!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar