15 Apr 2012

Cerita...Kaleungitan ( Bahasa Sunda)


Aya hiji kulawarga kaleungitan nini-nini. Nya eta kulawarga teh masang
pengumuman di koran, kieu eusina teh:

Tos Ninggalkeun Rorompok. Nami: Uti Sutijah Stephani, Yuswa: 88 taun
Ciri-ciri: rambut galing muntang tipepereket, ngangge kaca soca,
sareng soantenna cempreng. Waktos ninggalkeun rorompok ngangge kaos
warna hejo, dilancingan Levi’s, ngangge sendal capit warna koneng.
Sing sahaning anu tos mendakkan jalmi anu ciri-cirina cocog sareng di
luhur, nyuhunkeun bantosanana kanggo mulihkeun deui sendal capitna,
margi sendal capitna bade dianggo!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar